|
Sunda
Page

In
this page I try to use sundanesse (sunda language). The local
language for tatar parahyangan, west java province.
Punten
pisan upami basa sunda abdi teu kitu sae atanapi aya nu lepat.
Abdi biasana di bumi nganggo basa indonesia, tapi saleresna
mah abdi resep pisan nyarios nganggo basa sunda...
Karaos
pisan ayeuna, abdi tos dua taun damel tebih ti bandung (di
sumatra), kanggo mraktekkeun basa sunda teh janten langkung
sesah... paling oge dianggo upami tepang di dieu sareng
rerencangan salembur.
Abdi
ayeuna teu acan kagungan seueur bahan kanggo dilebetkeun ka
ieu halaman. Engke ku abdi dipilarian heula naon wae nu sae .
Upami aya nu kagungan koleksi sastra sunda, tatarucingan,
paribasa, atanapi naon wae nu aya hubunganna sareng basa sunda,
mangga dikirimkeun wae ka abdi didieu.
Hatur
nuhun.

Tembang
Sunda
Bubuy Bulan
Bubuy bulan, bubuy bulan sangray bentang
Panon poe, panon poe disasate
Unggal bulan, unggal bulan abdi teang
Unggal poe, unggal poe oge hade
Situ Ciburuy laukna hese dipancing
Nyeredet hate ningali ngamplak caina
Duh, eta saha nu ngalangkung unggal enjing
Nyeredet hate ningali sorot socana
|